Pagi-pagi
Sunday, August 13th, 200614 Ags 2006, heuheuy deudeuh,
besok FRS, bukti pembayaran leungit deuih, sabari urang belum lulus-lulus keneh,
maklumlah euy, rada poek
tuturubun urang kudu datang pagi-pagi ka kampus, nguruskeun nagara,
si bos nyuruh datang pagi-pagi pisan, bisi kena garis mati (deadline)
naek angkot isuk-isuk, lembang-stthall, tapi urang nepi ka ledeng, meni lumayan pinuh teh,
sampe ka ledeng, nu kuduna urang turun….
"kiri… kiriiii… kiriii atuh mang "(salah satu penumpang I hayang turun)
si angkot teh teu mengkol asup ka stasion, tapi terus lurus
"payun.. payun neng nuju seueur policeu "(red=policeu, saur pa sopir teh)
terlihat polisi berseregam rapih dan lengkap loba pisan sepanjang kiri jalan nu banyak letter P jeung S silang na,
menggupai-gupai ngarah jalan jadi lancar
"maklum bu nu kagungan jalan" (penumpang II)
" euuuh naha policeu tah loba pisan, teu tisasari, aya naonnya? teunggar wae kitu polis teh hahaha? (ceuk sopir deui teh)
"alah meni jauh kieu bonus teh," (penumpang I) akhirna angkot teh eureun di deukeut pengkolan ka Cipaku
heuheuy deudeuh, karek sadar,kamari-kamari urang teh sering turun di hareupeun letter S, nu kuduna teh teu meunang stop (red=setop) mobil teh, paingan mun urang mawa mobil teh suka rada keuheul sama sopir yang ngararetem didinya matak maceeet, tapi da kumaha euweuh tempat turun, stasiona pinuh, ari lebar jalang saeuutiik pisan jatahna keur turun teh
terus urang naek caheum-ledeng, heuheuy resep pisan tah angkot teh, geus mah urang rek kasiangan, tapi gara-gara angkotna kekebutan, mun aya mobil di hareupna lalaunan langsung di klaksonan (sabari ngajorowok "kirang tengah a"), mun aya nu megat mobi ieu, nyisi saeutik "enggal a, enggal macet yeuh "
mayan 15 menit nepi ka kampus,
"kiri… kiriii" berhentilah si angkot dan turunlah urang di Taman Sari, ITB Belakang, heuheuy deudeuh, ternyata urang turun di hareupeun S deui, tapi urang teu turun sorangan tapi duaan, jigana budak ITB oge. angkot teh turun ditengah, sabari ngahalangan jalan, Honda Jazz aya ditukangeunanan, nglaksonan "TOOOTOOOT" suaranyah jiga klakson Treuk ngajerit maratan langit jiga ABG katincak buta,Tapi Si angkot teh beuki lila cicing di jalan, soalnya si aa ITB ieu teu boga receh, jadi si sopir teh ngitung duitna rada lila jeung rusuh untuk kembalianyah. Si Eneng honda Jazz teh beuki nglaksonan,. "TOOOOOTOOOOOOOT", Dan akhirnya angsulan beres.. dan si aa ieu molototan ka si Eneng Jazz sabari kukulutus "Cing atuh rada sabar saeutik mah!!!"
orang lembang nu ka Bandung ngalobaan, orang Bandung nu ka Lembang oge sarua ngalobaan, dampaknyah permintaan angkot oge beuki loba, (kabayang mun angkot saeutik rea nu teu kabagean), tapi volume jalan jeung stasion anger sakitu-kitu keneh, pelaku angkot ge geus taruman da emang euweuh aturan, megat angkot dimana wae, nurunkeun-taekeun penumpang dimana wae,
selain dari itu ,
mobil pribadi oge beuki loba, nu munjungan Bandung sabtu minggu oge beuki loba komo nu huruf payuna plat B XXXX XX atanapi nu B XX X atanapi nu B X XX mah seuuueuuuur pisan, ngajajar garagah jeung aragreng di Factory Outlet ternama di Kota ini, Alhamdulilah tah pendapatan urang Bandung di hari-hari itu meningkat
Padahal mah nya, Bengsin teh naeek terus hargana, tapi jumlah kendaraan oge beuki loba, heueheuy deudeuh, ternyata hukum Ekonomi teh, Beuki naek penawaran minyak maka Beuki loba permintaan kendaraan, komo geus dimanjakan ku mobil mewah tapi murah. tidinya urang bangga jadi urang Bandung
Tapi tenang…urang Bandung geus biasa rarungsing di Jalan
Urang Bandung geus biasa, mun aya nu matak rungsing tinggal kukulutus ka sorangan
menurut Thermodinamika oge aya keseimbangan kalor
hawa tiis bandung jeung pikiran panas mun terjadi perpindahan kalor, bisa mencapai keseimbangan
jadina haneutlah … lumayan.
kumaha nya…
kumaha mun mobil pribadi import teh dimahaaaalkeun pisan jeung pajak-pajakna, persulit lah pokona jelema meuli teh
mun bisa leumpang mah leumpang jiga urang jepun,tepi seri angkot di murahkeun, jadi nu boga mobil teh nu bener-bener beuuunghhhhaaaaar teh, tapi eta oge ngan mampu hiji, anak-anakna ge teu kabagean,
kapikiran teu tah, mun transportasi di kuasai ku publik, harga minyak nu sakitu deudeuhna, bisa di tulungan ku sarerea, malayar angkot sesuai tarip, sarua jeung udunan bengsin, ngarah 1mobil bisa hurung jeung nepi ka tujuan
tapi nya eta sabtu minggu nu gaduh plat B hoream daratang jigana teh
heuheuy deudeuh
We leave in beauty complex city, eta nu matak urang bangga jadi urang Bandung,
I love you all